Bah Dodong keur ngajar private Basa sunda di hiji komplek perumahan anu kasang tukang pendudukna datang ti unggal propinsi, ti medan, Jakarta, padang, jsb.
Kusabab pamenta penduduk di eta komplek teh barudakna kudu ngarti basa sunda, atuh bah dodong singkil ngajarkeun basa sunda.
Sangkan babari kaharti, nya basa panganteurna mah dicampur heula jeung basa Indonesia.
Nu mimiti diajarkeun teh "kecap panganteur jeung narjamahkeun babasan sunda kana basa Indonesia".
Giliran mecak murid ti jakarta, Coba kamu jalih, terjemahkan ke dalam bahasa betawi, `Siga bueuk meunang mabuk`.
Pok teh ngajawab, " kaya burung hantu dapat teler", "Baik..!",ceuk Bah Dodong.
"Sekarang terjemahkan kalimat `Teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan`.
Pokna, "tidak unggut terlindu lindu tidak gedag terangin angin!`.
Bah Dodong nanya deui ka murid urang Padang anu ngaranna putero datuak Ansorullah ngeunaan kecap panganteur dina basa sunda.
Ceuk Bah Dodong, "Kecap panganteur dalam basa sunda itu misalnya `jrut turun, rongheap datang, beretek lumpat, segruk ceurik.
Nah sekarang kamu bikin kalimat dari kecap panganteur `kuniang`.
Ari pokna teh, "Pagi pagi benar Bah Dodoang sudah sarapan sama nasi kuniang dan daging ayam kampuang".
Teu lucu memang, da kuduna `kuniang` mah hudang.
Karya Bah Dodong.







0 komentar:
Posting Komentar