Kartobi teh wakil direktur PT `Gaun dock lucky turununggah factory` Mulang ngantor teh rada beurang keneh poe eta mah. Keur teu fit sigana mah.
Barang bray panto imahna dibuka, Kartobi ukur tenga tengo sabab pamajikannana, Neng Tarmi teu nyampak aya di tengah imah. “Euh, keur ka pasar sigana pamajikan teh?” ceuk pikirna.
Tapi barang ngadeukeutan panto kamar, kadenge tijero sada aya dua sora, sora pamajikannana jeung sora lalaki siga nu keur rarenghap ranjug. Kartobi panasaran tuluy noong tina liang konci. Teu kaciri sabab ti jero siga aya lawon nu digantungkeun dina konci. Atuh gep Kartobi nyekel gagang selot tuluy digocrakkeun. Barang bray panto muka, Sora anu tadina dua teh ayeuna mah kari hiji, sora pamajikannana, Neng Tarmi anu keur bulucun teu make pakean salambar, Kesang dina awak Neng Tarmi ngagarajag laat leet. Neng Tarmi humarurung bari panonna buburilengan. “Ku naon atuh neng teh dugika dibuligir bari kesang ngagarajag kitu?”. Kartobi nanya bari geumpeur. “Abdi teh serangan jantung, kang!”. Walon Neng Tarmi. Kartobi beuki geumpeur. Keur kitu, ku indung suku Kartobi aya anu karasa ti handapeun ranjang siga siga pigeulang leungeun. Barang Kartobi dongko, katempo Ki Jarmin pembantuna keur ngadegdeg bari tataranjang handapeun ranjang. Gantawang teh Kartobi nyarekan, pokna, “He Jarmin, ari silaing henteu cepleu mah, boa suruwilung. Dasar idiot stadium tilu siah!, nyaho dunungan awewe kaserang jantung kalahka nyumput di kolong ranjang, lain manggil dokter. Belegug siah!, henteu gejul mah?, batan nelepon dokter kalahka ngagantungkeun kolor dina slot konci!, Bloon siah....!.







0 komentar:
Posting Komentar