Minggu, 05 Oktober 2014

TALAGA AL-KAUTSAR



إِنَّا أَعْطَيْنَاكَ الْكَوْثَر فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ إِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْأَبْتَرُ
“Saestuna Kami geus nga-anugerahkeun ka anjeun (Muhammad) ni`mat Al-kautsar. Mangka geura prak shalat jeung kurban karana Allah. Saestuna jalma anu ceuceub ka anjeun, nya manehna teh anu pegat cita cita”.
Kangjeng Nabi ngalenyep kulem nanging teu tibra da puguh kangaranan ngalenyep di masjid. Sajeroning ngalenyep teh katinggal ku para sahabat pameunteuna marahmay tur daria lajeng gumujeng imut ngagelenyu. Atuh para sahabat kerung ninggal Kangjeng Nabi kulem bari gumujeng teh, tuluy ngangsrod nyaketan kangjeng nabi. Abong Nabi mah ma`shum, mun poho tara kalalanjoan mun salah tara kamalinaan sabab diaping ku wahyu kalebet kulemna anu tara tibra, tara dugika gundam sok komo tuluy ngalindur. Lebah dinya nabi memang lain jalma biasa siga urang. Paingan sakumaha waleran Kangjeng Nabi ka urang yahudi madinah nalika ditaros, “ Saha ari nabi ummi teh?”. “Nabi ummi teh `Tanamu `ainahu wala yanamu qalbuhu`, `Dua panonna peureum tapi hatena beunta`. Kitu waleran kangjeng nabi teh.
Barang kangjeng nabi gugah, pok salah saurang sahabat tumaros, “ Ya Rasulallah, naon anu matak salira janten gumujeng?”. Waler Kangjeng Nabi, “unzilat `alayya anifan suratun”, `Cikeneh geus diwahyukeun ka kaula hiji surat Al-qur`an`. (Ibnu Katsir). Lajeng Rasul ngagalindengkeun surat Al-kautsar, mun ditarjamah tafsirkeun mah“Saestuna Kami geus nyayagikeun anugerah ka anjeun (Muhammad) ni`mat Al-kautsar, Mangka (geura tebus eta Al-kautsar) ku cara shalat jeung kurban anu lillah (ihlas). Saestuna jalma (kafir quraisy) anu ceuceub ka anjeun, nya manehna teh anu pegat cita cita (putus turunan anu baris nuluykeun perjuangan)”.
Lajeng kangjeng Nabi malik tumaros ka para sahabat, "Aranjeun apal naon ari Al-kautsar teh?". Teu aya hiji oge sahabat anu ngawalon eta patarosan. Nya Kangjeng Nabi mairan deui pangandikana, "Al-kautsar teh hiji talaga (di yaumil mahsyar) anu sakuriling bungkingna di taretes emas jeung perak. Caina ngagulidag ngalir luhureun yaqut (permata inten) jeung dzur (permata merah dalima) kalawan genyasna cai anu ngagenclang herang liwat ti genclangna salju, sarta rasa eta cai anu leuwih kareueut batan madu. Tah jaga umat kaula teh baris mulang ka eta Al-kautsar kalawan sukan sukan galumbira sarta leungeun kenca katuhuna ranggem ku gelas gelas inuman kani`matan nyiuk cai Al-kautsar anu bisa dadak sakala robah rasa sakahayang. Keur kitu ujug ujug torojol aya komplotan Muhtalijin nyaeta jalma jalma anu sosoloyongan (siga nu mabok alkohol) maksudna mah rek nurutan cara nu lian nyiuk cai talaga Al-kautsar, tapi lapur teu metu kalahka dadaligdeugan tuluy tisungkruk nyuuh. Tapi najan kitu, katangen dina sawatara cirina yen manehna teh umat islam ahli ibadah. Nya kaula interupsi ka Allah, "Ya Rabb innahu min ummati", `Nun Gusti, manehna teh umat jisim abdi`. Lajeng Allah Nimbalan, "Innaka la tadri ma ahdatsa ba`daka". `Saestuna anjeun (Muhammad) teu titen, naon anu ku manehna geus dipigawe sanggeusna anjeun teu aya (manehna teh ahli bid`ah)`. Nya geus nyaho kitu mah kaula teu asa asa nundung manehna, "suhqan..suhqan…!" , `nyingkah...nyingkah siah!".
Tah ieu eusi impenan Kangjeng Nabi minangka lungsurna wahyu surat A-kautsar. Kecap parentah `shalli` anu hartina `geura prak anjeun shalat` dina ayat di luhur nuduhkeun logo ibadah sedengkeun `inhar` anu hartina `geura meuncit kurban` nuduhkeun logo akidah sawatara kecap `li rabbika` anu hartina `karana pangeran anjeun` nuduhkeun harti madep ihlas karana Allah. Anapon ta`wil tina kecap`syani`a` anu hartina `anu ceuceub` eta mah mangrupa lambang muru`ah (pasipatan dina kahirupan).
Mun kitu, proposal pangajuan sangkan urang meunang karcis asup ka talaga Al-kautsar teh taya lian iwal ti kudu ditebus ku akidah anu bebas tina andad, tauhid anu beresih tina sryirik, tahayul jeung khurafat dibarung ku ibadah anu nyunah, ibadah anu teu leupas tina ugeran tuturus laku Kangjeng Rasul. Nyakitu deui karcis Al-kautsar anu hiji anu kasebut muru`ah (ahlak), nyaeta ngajaga pasipatan ku wujud ucapan katut tindakan anu mulya.
Tilu perkara anu mutlak jadi syarat sangkan bisa ngudag ni`mat Al-kautsar. Mun teu sadia boga nu tilu rupa eta, Akidah jeung meuncit kurbanna, ibadah jeung shalat khusyu`na oge muru`ah jeung cinta kana syareatNa, tah nu kitu anu bakal mabok sosoloyongan sarta diusir ti talaga Al-kautsar teh.
Meuncit kurban anu sulaya tina ugeran Lirabbika, musyrik hukumna. Nyakitu deui Shalat anu sulaya tina ugeran Lirabbika, bid`ah hukumna. Pasipatan anu nuduhkeun kaceuceub ka kangjeung nabi sok sanajan dohirna pinuh ku syair syair pujian tapi hakekatna ngahianat kana ajaran islam, qabihat wa sayyiat pernahna.
Sihoreng dicawiskeunnana talaga Al-kautsar teh lain keur anu pohara amalna tapi keur sing saha anu merenah amalna. Gening du`a anu remen ku urang digalindengkeun, "Rabbi zidni `ilman nafi`an wa rizqan thayyiban wa `amalan mutaqabbalan".
Pan anu dipalar tina eta du`a teh sangkan nambahan elmu nu manfaat, nambahan rejeki anu halal jeung nambahna amal anu kira baris katarima. Hartina keur naon nambahan jeung loba amal lamun eta amal jadi runtah.
Dawuh Kangjeng Nabi, "Wama atakumurrasulu fakhudzuhu wama nahakum `anhu fantahu". `Geura tarima naon wae (ajaran) anu ku Rasul diparentahkeun jeung geura tinggalkeun ajaran anu ku Rasul dicaram`. (Al-hasyr:7).
Cag!.
(Bah Dodong`s original concept).

0 komentar:

Posting Komentar